Umur 50 Taun, Paguron Walet Putih Mageuhkeun Tatali Kapungkur
Umur 50 Taun, Paguron Walet Putih Mageuhkeun Tatali Kapungkur Kagiatan nu lumangsung di Désa Sukahaji, Kecamatan Tegalwaru, Kabupatén Purwakarta téh minangka ngemutan deui mangsa 50 taun katukang dina ngadegna paguron Walet Putih nu harita alpukahna Bah Isar Sukandi (alm). Paguron Walet Putih nanjeur jiga ayeuna téh, kasangtukangna di Sukahaji ti mimiti lelengkah halu, milari pianggotaeun, milari ciri has Walet Putih, tug dugika ngadamel papagon kanggo anggota Paguron Walet Putih nu aya dina pangroris Sapta Watek Paguron Walet Putih. Pangroris Sapta Watek Paguron Walet Putih éta téh nu ngawengku diantarana: 1. Samakta; 2. Santika; 3. Satia; 4. Satria; 5. Sadu Santa Budi; 6. Sabar jeung nu ka 7. Sabilulungan. Ieu papagon jadi palasipah dina enggoning hirup kumbuh kaanggotaannana. Disagedengeun éta, paguron Walet Putih téh euyeub ku préstasi. Malah Mandar Préstasi nu kungsi disangking Paguron Pencak Silat "Walet Putih" téh diantarana taun 2009 ngalewatan néng Eli Yu...