DIPATI UKUR Ditulis ku: Tatang Sumarsono (Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Unpas) S ajaba ti Siliwangi, anu mindeng disebut-sebut ku urang Sunda nyaéta Dipati Ukur. Ditarulis jadi carita dina rupa-rupa wangun jeung vérsi. Upamana waé aya anu jadi novel sakumaha nu dipigawé ku Sufyan Iskandar. Ari ku Wahyu Wibisana mah dianggit jadi naskah gending karesmén. Geus karuhan ari anu ditulisna dina wangun anu leuwih pondok mah, kayaning carpon, sajak, carita alit, atawa dangding. Dina naskah heubeul, lalakon Dipati Ukur geus mimiti ditulis ti abad ka-17 kénéh, ilaharna winangun babad. Saterusna aya deui anu ditulis winangun wawacan. Lalakon Dipati Ukur dina naskah heubeul jadi bahan ulikan Edi S. Ekadjati waktu nulis disertasi pikeun ngahontal gelar doktor di UI, taun 1979. Edi nyebutkeun, kabéhna aya 23 naskah, ditulisna dina mangsa jeung di tempat anu béda-béda. Tina jumlah sakitu téh bisa dipasing-pasing jadi dalapan versi, nyaéta versi Galuh, Sukapura, Sumedang, Bandung...
CARPON BAH UNANG : KANYAAH INDUNG TANWATESNA “Yu urang sasarap heula Cu!" Nina ngajakan Si Entong sasarap sanggeus bérés mantuan budak kelas 2 SD éta maké saragem sakola. Am wé budak téh dahar. Teu pira ukur ceplok endog dikécapan. Luhurna dipuruluk bawang goréng, ditambahan wé ku kurupuk. Tapi Si Entong katara mani ngalimed pisan. Haté Nina ngarakacak mangsa nyawang budak nu keur segut dahar. Manéha iklas rido can kararaban sangu isuk-isuk ieu asal buah haténa seubeuh. Komo hirup sabeulah mah karasa beuratna. Tapi Nina teu aral subaha. Tékad manéhna rék ngagedékeun matapoéna ieu ku kaiklasan nepika sabubukna awak ceuk babasanna pikeun mélaan beubeulahan haténa ieu. “Gugah bageur! Apan badé sakola," Nina ngaguyah-guyah Si Entong budak kadeudeuh hiji-hijina. "Ahmm, tunduh kénéh atuh Bu, sakedap deui wé atuh," Si Entong némbal bari ngadon reup deui peureum. "His ari taeun téh en-tong mah. Énggal bageur gugah! Ibu tos nyayogi-keun cai haneut kanggo ibak. Ceplo...
Komentar
Posting Komentar