Ahirna Aya Bantuan keur Ibu Yati Budiarti Penderita Kanker Payudara Kaparigelan Dakara Wiguna & Apl. HAGO
Ahirna Aya Bantuan keur Ibu Yati Budiarti Penderita Kanker Payudara Kaparigelan Dakara Wiguna & Apl. HAGO
Kaparigelan stakeholder ngeunaan nya’ah ka sasama téh kalintang diperyogikeun-nana. Nilik tina haté jeung nurani sasama manusa hirup kumbuh dialam dunya hablu minanas (hubungan manusa jeung manusa).
Yati Budiarti (55), warga Kp. Gunung Cupu RT.01/RW.01 Désa Anjun, Kecamatan Pléréd Kabupatén Purwakarta, dirina karandapan panyawat kanker payudara. Keur ibu Yati nu pakasaban sapopoé icalan warung kopi sareng ngalotek, nu lokasina dipinggir proyek kareta api cepat wilayah Anjun.
Tilu taun katukang, panyawat nu karandapan téh, nanging harita mah kanker payudara na alit kénéh, kajaba harita mah mahabuna sasalad Covid-19. Jadi teu aya niat berobat.
Nitenan ungkara diluhur éta, tangtu mawa pangaruh keur Ibu Yati Budiarti nu karandapan panyawat “Kanker Payudara”. Komo pihak medis kiwari keur ibu Yati kudu di Kemo.
Ibu Yati narima info ti pihak medis kudu di kemo téh, satadina mah haré-haré. Ngan ku kadieunakeun panyawat éta téh nyaksrak kana leungeu. Kakara daék di kemo.
Nilik ku kasumangetan ibu Yati, narima informasi rék di kemo téh, sugan jadi pondok harepan. Samalah nu pakasaban ngawarung jeung dagang lotek masih dikeureuyeuh. Ngan ari kadieunakeun mah kulantaran geus di kemo, ngawarung téh eureun saheulanan mah.
Nepika turun ieu warta, yén ibu Yati geus dua kali di kemo di Rumah Sakit Bandung. Tangtu ku kasumangetan ngajalan kemo ieu nepika miharep ka Nu Kawasa sangkan sing dipasihan kasobaran dina ngajalanan di kemo.
Sedengkeun Warta Sunda Channél kungsi nyieun konten nu judul kontenna : Ketegaran Seorang Ibu, Berjuang Melawan Penyakit.
Dina deskripsina ka unggel saperti : Beliau sebelum menjalankan kemo terapi, beliau bisa melaksanakan aktifitas seperti biasanya. Lebih lanjut sang suami mengatakan ketegaran istrinya tidak memperlihatkan rasa sakit yang dideritanya.
Ketika berkunjung ke rumah beliau, ada pihak desa yang sedang berupaya guna memfasilitasi penderitaan beliau. Tergeletak lemah tidak menyurutkan untuk semangat hidup.
Untuk anda yang berminat ikut menyumbangkan sebagian rejekinya untuk kesembuhan beliau biasa kontak persen ke nomer dibawah ini. 081912553600. Atas izin Pihak Keluarga.
Nitenan konten éta, nepika aya pihak nu peduli ngabantu ibu Yati ngalewatan Aplikasi HAGO nu dialpukahan ku komunitas DAKARA WIGUNA (néng Wulan) ngayakeun konser amal dina aplikasi Hago.
Nya selang tilu poé ngayakeun donasi ku cara konser amal via aplikasi, Alhamdulillah pundi-pundi rupiah nepi ka kakempel. Dina ping 31 Agustus 2022, pihak DAKARA WIGUNA masrahkeun artos ka ibu Yati nu disaksian ku ku sababaraha urang dilokasi bumina ibu Yati saperti ti pihak Warta Sunda, Herlina, utimsupriatna47, Ragil, Umbara, Ketua Bumdes Anjun sarta perwakilan désa (Ketua RW).
Proses masrahkeun bantuan éta nu diwakilan ku DAKARA WIGUN acarana lancar. Mugia artosna tiasa dimangpaatkeun sakumaha mistina ku ibu Yati.***

Keren
BalasHapus