DIPATI UKUR

 



DIPATI UKUR

Ditulis ku: Tatang Sumarsono (Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Unpas)

 

S

ajaba ti Siliwangi, anu mindeng disebut-sebut ku urang Sunda nyaéta Dipati Ukur. Ditarulis jadi carita dina rupa-rupa wangun jeung vérsi. Upamana waé aya anu jadi novel sakumaha nu dipigawé ku Sufyan Iskandar. Ari ku Wahyu Wibisana mah dianggit jadi naskah gending karesmén. Geus karuhan ari anu ditulisna dina wangun anu leuwih pondok mah, kayaning carpon, sajak, carita alit, atawa dangding.

Dina naskah heubeul, lalakon Dipati Ukur geus mimiti ditulis ti abad ka-17 kénéh, ilaharna winangun babad. Saterusna aya deui anu ditulis winangun wawacan. Lalakon Dipati Ukur dina naskah heubeul jadi bahan ulikan Edi S. Ekadjati waktu nulis disertasi pikeun ngahontal gelar doktor di UI, taun 1979. Edi nyebutkeun, kabéhna aya 23 naskah, ditulisna dina mangsa jeung di tempat anu béda-béda. 

Tina jumlah sakitu téh bisa dipasing-pasing jadi dalapan versi, nyaéta versi Galuh, Sukapura, Sumedang, Bandung, Talaga, Banten, Mataram, jeung Batavia. Ditulisna dina basa Sunda, Jawa, jeung Walanda. Aya anu ngagunakeun aksara Jawa, Jawa-Sunda, Pégon (Arab gundul), jeung Latén. Ka dieunakeun, di antarana aya anu terbit jadi buku, ngagunakeun téknologi percitakan.

Dipati Ukur mémang tokoh sajarah anu aya dikieuna, anu ceuk dina catetan sajarah, ahir jumenengna téh kurang leuwih taun 1630 Maséhi. Jadi lain tokoh mitos atawa légenda kawas Sangkuriang, upamana. Ajip Rosidi, dina bukuna Manusia Sunda (citakan katilu, 2009) nempatkeun Dipati Ukur dina kelompok tokoh sajarah pikeun ngalengkepan tangtungan urang Sunda, di sagigireun Ki Tapa, Pangéran Kornél, Haji Hasan Mustapa, jeung Déwi Sartika.

Ku réana éta vérsi, antukna saha-sahana ari Dipati Ukur dina saban naskah téh teu persis sarua. Upamana waé dina lebah nyaritakeun saha ari karuhunna. Aya naskah anu nyebutkeun asli turunan Sunda, tapi ceuk dina naskah séjén mah urang Banyumas, malah katétésan getih Arab. Kitu deui makamna aya di sawatara tempat. 

Umumna naskah dina naskah anu ditulis téh disebutkeun yén  Dipati Ukur dihukum pati ku Sultan Mataram. Tapi ceuk versi séjén mah lain kitu. Malah ceuk dina naskah séjénna deui mah, Dipati Ukur kungsi munggah haji ka Tanah Suci, terus samulangna deui ka lemah cai gedé jasana dina nyebarkeun agama Islam.

Lahirna rupa-rupa vérsi téh di antarana waé patali jeung kapentingan saha anu nulisna. Carita Dipati Ukur versi Bandung béda eusina jueung versi Mataram, upamana, mana komo jeung versi Batavia anu ditulisna ku urang Walanda mah. 

Lamun ditilik tina lokasi katut peristiwana, anu paling deukeut pakaitna téh nya versi Bandung, sabab apan Dipati Ukur téh tokoh sajarah anu posisina jadi pamingpin Tatar Ukur, anu ayeuna katelahna Bandung. Terus deuih dina naskah versi Mataram, sabab dina mangsa harita, Tatar Ukur aya dina kakawasaan Mataram, sanggeusna Sultan Agung ngayakeun ékspansi pikeun ngajajah wewengkon Sunda. Kitu deui versi Batavia anu ditulisna ku urang Walanda ogé dianggap deukeut patalina, sabab Dipati Ukur kungsi nyerang bénténg VOC di Batavia, pikeun ngemban timbalan Sultan Mataram.

Dina Ensiklopedi Sunda (Pustaka Jaya, 2000), dumasar kana sumber tradisi, ditétélakeun yén Dipati Ukur téh nyekel kalungguhan jadi bupati di Tatar Ukur, dina mangsa Priangan dijajah ku Mataram (awal abad ka-17). Ngaran aslina cenah Pangéran Cahyana, turunan Sunan Jambu Karang anu nyekel kakawasaan di wewengkon Banyumas, anu geus leuwih ti heula aya dina kakawasaan Mataram. Lian ti éta, dina naskah versi Bandung disebutkeun yén ngaran aslina téh Pangéran Sacanata Cahyana Wétan. Tapi ceuk dina versi séjén ngaran aslina téh Wangsanata.

Rék saha waé ngaran aslina, jeung turunan ti mana, anu sidik dina sakabéh naskah aya sasaruaan yén sesebutan Dipati Ukur téh tujulna ka hiji tokoh, nyaéta anu ngawasa Tatar Ukur téa.

Ceuk dina salah sahiji versi, Sultan Agung nempatkeun Pangéran Cahyana pikeun ngemban pancén di Tatar Ukur anu karék ragrag kana kakawasaan Mataram (taun 1620). Bet diparengkeun ngajodo ka Nyai Gedéng Ukur, anakna Dipati Agung anu harita keur jadi bupati. Ieu bupati téh turunan raja Sunda (anu ilaharna sok disebut Pajajaran) dina mangsa pamungkas.

Dipati Agung tilar dunya. Anu diangkat jadi gagantina ku Sultan Agung nya minantuna, alias Pangéran Cahyana téa. Nya ti harita jadi boga sesebutan Dipati Ukur téh, anu sababiyahna mah diwaris jabatan ku mitoha.

Tina bupati, dina taun 1625, Dipati Ukur terus naék pangkat jadi kapala sakabéh bupati anu aya di Priangan (istilahna bupati wadana). Mun ayeuna mah tugasna téh jigana jadi koordinator wilayah. Tadina anu mingpin sakabéh bupati di Priangan téh Rangga Gempol, ti Sumedang. Saha-sahana anu ditunjuk jadi bupati wadana mah éta téh kumaha ceuk putusan Sultan Mataram.

Pikeun ékspansi kakawasaan Mataram, Sultan Agung ngincer Banten, tapi kahalangan ku Walanda (VOC atawa sok disebut kumpeni) anu nyieun bénténg di Batavia (ayeuna Jakarta). Sultan Agung nibankeun pancén ka Dipati Ukur pikeun ngarurug kumpeni. Dina babadamian awal, pasukan Dipati Ukur bakal digabungkeun jeung pasukan Mataram anu dipingpin ku Tumenggung Bahurékso, panggihna di Karawang.

Lebah nyaritakeun jumlah pasukan anu dibawa ku Dipati Ukur gé teu sarua. Aya naskah anu nyebutkeun mawa sapuluh rébu, tapi ceuk dina naskah séjén mah ukur opat rébu. Éta pasukan inditna ti Tatar Ukur ngaliwatan Cikao (ayeuna aya di wewengkon Kabupatén Purwakarta). Terus ngalér, tepi ka anjog ka wewengkon Karawang.

Pasukan Dipati Ukur ngadagoan datangna pasukan anu dipingpin Bahurékso di tempat anu geus dipasinikeun. Teu jol waé, bari teu puguh naon anu jadi alesanana. Antukna Dipati Ukur nyieun inisiatif nyerang bénténg kumpeni, bari teu dibarengan ku pasukan Mataram.

Pasukan Dipati Ukur teu mampuh ngancurkeun tentara kumpeni, tepi ka ahirna bubar katawuran, laju buru-buru ninggalkeun médan perang. Dina waktu pasukan Dipati Ukur geus mundur, pasukan Bahurékso kakara datang. Der deui nyerang ka bénténg VOC. Éléh deui waé pasukan Bahurékso gé, tepi ka ahirna sarua ditarik mundur. Cindekna, ngarurug bénténg kumpeni di Batavia téh gagal.

Ngeunaan serangan ka bénténg VOC, dina catetan anu dijieun ku urang Walanda mah disebutkeun yén saenyana pasukan Dipati Ukur jeung pasukan Bahurékso téh babarengan. Mana nu bener? Wallohu alam.

Ngeunaan miangna pasukan Dipati Ukur ka Batavia, aya deui naskah anu eusina béda, nyaéta anu ditulis dina basa Walanda. Di dinya disebutkeun yén dina waktuna rék ngarurug Batavia, Sultan Agung ngiangkeun utusan ka Tatar Ukur, maksudna mah pikeun nepikeun paréntah ka Dipati Ukur. Dina waktuna pasukan ti Ukur indit ka Batavia, para utusan Mataram henteu marilu, tapi kalah caricing di Ukur.

Tétéla éta utusan Mataram téh milampah gawé teu uni, di antarana ngagadabah awéwé anu keur ditaringgalkeun ku salakina ka pangperangan. Nya aya anu ngabéjakeun ka Dipati Ukur anu harita keur aya di satengahing perjalanan. Lantaran ambék duméh asa ditincak hulu, Dipati Ukur teu jadi miang ka Batavia, tapi terus baralik deui. Ari éta utusan Mataram anu ngacowkeun ahirna kabéhanana dipaténi.

Béja ngeunaan dipaéhanana utusan Mataram di Tatar Ukur, jeung teu tulusna Dipati Ukur mawa pasukan ka Batavia, ngalantarankeun Sultan Agung ambek liwat saking. Nya terus waé ngirimkeun rébuan pasukan pikeun ngarurug Dipati Ukur.

Kitu ceuk dina vérsi Walanda mah.

Sok sanajan carita dina saban versi aya waé béda-bédana, tapi saenyana aya alur poko anu sarua. Kahiji, dina alam harita (taun 1620-an), Tatar Ukur aya dina kakawasaan Sultan Mataram. Kadua, Sultan Mataram méré pancén ka Dipati Ukur pikeun ngarurug bénténg VOC di Batavia. Katilu, serangan ka bénténg Batavia téh gagal; dina harti Mataram jadi pihak anu éléh. Kaopat, Dipati Ukur boga karep ngaleupaskeun diri tina kakawasaan Mataram. Kalima, pikeun ngalaksanakeun maksudna, Dipati Ukur nyieun bénténg pertahanan di Gunung Lumbung. Kagenep, pasukan Mataram diiangkeun ka Gunung Lumbung pikeun ngarurug Dipati Ukur anu dianggap geus baha ka Sultan Agung.

Alur anu bieu ditétélaleun mah dina sakabéh naskah ogé kaunggel. Béda-bédana téh dina lebah lumangsungna peperangan. Ceuk dina hiji naskah, pasukan Mataram bisa nembus pertahanan bénténg Gunung Lumbung, tepi ka ahirna Dipati Ukur bisa kacerek. Ari ceuk umumna naskah séjén, pasukan Mataram boboléh lantaran teu mampuh ngelehkeun pasukan Dipati Ukur. 

Dina kaayaan pasukan Dipati Ukur teu bisa diéléhkeun, Sultan Agung ngayakeun saémbara yén sing saha waé anu bisa nyerek Dipati Ukur, rék hirup rék paéh, bakal dibéré ganjaran ku mangrupa kalungguhan. Tétéla aya sawatara gegedén di Pasundan anu sadia mantuan Sultan Agung. Nya ahirna mah Dipati Ukur bisa kacerek ku urang Sunda kénéh.

Lobana naskah anu midangkeun lalakon Dipati Ukur nuduhkeun yén éta tokoh téh mémang kawentar dina jamanna. Dina awal tulisan geus ditétélakeun, kabéhna aya 23 naskah, anu bisa dibagi deui jadi dalapan versi. Ditulisna dina rupa-rupa basa reujeung aksarana.

Dina disertasina, Edi S. Ekadjati nyebutkeun éta naskah anu 23 téh ditulisna dina mangsa anu béda-béda, waktu Tatar Sunda masih kénéh dijajah, boh dijajah ku Jawa boh ku Walanda. Anu disusun dina abad ka-17 aya sanaskah, abad ka-18 aya lima naskah, abad ka-19 aya 12 naskah, jeung abad ka-20 aya opat naskah, ditambah ku sanaskah anu disusunna jaman Indonésia merdéka (taun 1957).

Diterangkeun ku Edi Ekadjati yén anu 23 naskah téh kabéh gé hasil salinan. Malah aya anu salinan anu kasakitu kalina. Cindekna aya naskah babonna (sumber aslina), ngan tacan kapanggih. Lian ti éta, anu dijieun sumber pikeun nyusun naskah téh nyaéta carita lisan anu hirup turun-tumurun.

Lalakon inti anu karandapan ku Dipati Ukur téh mémang bagian tina sajarah anu lumangsung di Pasundan, dina taun 1620 tepi ka 1636 Masehi. Pangna ébréhan carita Dipati Ukur jadi béda-béda téh lantaran teu sarua dina waktu ditulisna, teu sarua kasang tukangna, jeung teu sareua kapentinganana.

Dina sakabéh naskah, lalakon inti anu sarua téh nyaéta (1) Dipati Ukur ngarurug VOC di Batavia pikeun ngalaksanakeun pancén ti Sultan Mataram; jeung (2) sanggeus gagal ngarurug VOC, Dipati Ukur malik baha (berontak) ka Sultan Mataram.

Pasualanana, naha bet terus baha ka dunungan? Pangna disebut dunungan téh sabab jaman harita Ukur jadi bawahan Mataram. Dina kalolobaan naskah disebutkeun yén Dipati Ukur téh ngalawan ka atasan ku cara nolak dipanggil pikeun mangadep ka Sultan Mataram (mun dina hukum militer disebutna disérsi). Pangna kitu téh lantaran dirina sieun ditibanan hukuman, balukarna tina gagalna nyerang bénténg VOC. Cindekna, jeung tibatan dihukum pati ku dunungan, nya mending ngalawan.

Anu jadi kasang tukang pangna Dipati Ukur baha ka Mataram téh, dina Babad Tanah Pasundan mah aya deui tambahna, henteu ngan saukur sieun dihukum ku Sultan Agung lantaran perangna éléh. Dipati Ukur hayang ngaleupaskeun diri tina kakawasaan Mataram anu harita ngajajah Tatar Sunda. Cohagna mah, lantaran aya kasadaran hayang boga wewengkon anu merdéka, henteu ngadunungan ka Jawa. Geura urang cutat:

“Dipati Ukur tuluy mubus ka pagunungan sarta baladna kira-kira dalapan atawa sapuluh rébu jelema dienclok-enclok, dipaturaykeun sagundukan-sagundukan, nu matak upama dikumpulkeun di satempat, moal mahi baris pitedaeunana. Jeung deui Dipati Ukur ngajakan anjeunna ménak atawa kapala-kapala Sunda nu séjén, supaya nurutan ngalawan ka susuhunan, meungpeung susuhunan ayeuna keur kakurangan balad jeung harta kakara mentas perang jeung Batawi téa. Tapi karéréanana ménak-ménak Sunda henteu waranieun sanajan susuhunan keur meujeuhna lacur ogé.

Coba lamun harita sakabéh ménak jeung kapala-kapala Sunda rempug sauyunan jeung Dipati Ukur pada ngalawan ka susuhunan, taksiran harita ogé tanah Pasundan panglega-legana geus leupas dina dieréhna ku Jawa. Tina sabab pakia-kiana ménak-ménak jeung kapala-kapala Sunda, matak jadi kacilakaan ka nagara jeung ka jelema-jelemana sarta éta sababna nu matak tanah Pasundan tepi ka 50 taun ti waktu harita masih kawengku kénéh ku susuhunan baé.”

Tina éta naskah kagambar yén para pamingpin Sunda dina alam harita teu kompak, Malah lain ngan teu kompak wungkul, tapi deuih aya di antarana anu ngabocorkeun ketak Dipati Ukur ka Sultan Mataram. Éta pangna Sultan Agung langsung ngaluarkeun paréntah pikeun ngarurug Ukur, sabab lamun diantep mah teu mustahil bakal jadi cucuk rungkang, tur bakal ngaganggu kana kadaolatan Mataram anu gedé karep hayang ngawasa wewengkon séjén, hususna karajaan/kasultanan nu aya di Pulo Jawa. Apan karepna mah Banten gé rék dirurug, ngan kahalangan ku VOC anu ngawasa Batavia.

Dina umumna naskah disebutkeun yén pikeun ngalaksanakeun niatna enggoning lésot tina kakawasaan Sultan Mataram, Dipati Ukur nyieun bénténg pertahanan di Gunung Lumbung. Dina sawatara naskah disebutkeun yén Gunung Lumbung téh lokasina di wewengkon Cililin (ayeuna kaasup wewengkon Kabupatén Bandung Barat). Tapi ari dina naskah versi Batavia mah béda deui, cenah Gunung Lumbung téh ayana di bawahan Sukapura (ayeuna jadi  Tasikmalaya).

Leupas tina di mana ari sabenerna Gunung Lumbung, anu sidik éta bénténg pertahanan téh kaitung strategis ceuk élmu perang dina alam harita. Lokasina aya di luhur, tur lamun rék ngajugjug ka dinya téh kudu ngaliwatan heula jungkrang anu nawing. Pasukan Mataram anu dipingpin ku Tumenggung Narapaksa teu bisa nembus ka Gunung Lumbung, sabab ti luhur ditinggangang ku batu, tepi ka ahirna bubar katawuran.

Ampir dina sakabéh naskah dicaritakeun yén éléhna Dipati Ukur téh sanggeus gegedén Sunda mantuan pasukan Mataram. Di antarana dina naskah versi Galuh disebutkeun yén anu mantuan pasukan Tumenggung Narapaksa téh nyaéta Pangéran Sumedang, Astamanggala (Umbul Cihaurbeuti), Samahita (Umbul Sindangkasih), jeung Wirawangsa (Umbul Sukakerta). Anu dimaksud umbul téh nyaéta ngaran kapangkatan, sahandapeun bupati. Dina versi séjén, anu tiluan téh (Astramanggala, Samahita, jeung Wirawangsa) pangkatna lain umbul, tapi ngabéhi. Aya deui katerangan séjén yén anu adu hareupan jeung Dipati Ukur mah sénapati ti Kawasén, ngaran Bagus Sutapura.

Aya versi anu nyebutkeun yén Dipati Ukur dipaténi ku Bagus Sutapura, laju sirahna dipasrahkeun ka Sultan Mataram pikeun bukti. Tapi ari dina kalolobaan naskah mah teu disebutkeun kitu. Dipati Ukur jeung wadyabaladna dicangkalak, laju diiringkeun ka Mataram, awéwé-lalaki, malah jeung barudakna. Sanggeus cunduk ka ditu, sakabéh tawanan dihukum pati, iwal kaom awéwéna anu dihirupan téh, diarah gawéna sina jadi juru ladén atawa pelayan di karaton.

Dina naskah Sukapura anu ditulisna dina basa Jawa, aya ungkara kieu:

“Ki Dipati Ukur dikethok, Ki Demang Songgata dibungkus dening duk diobong, Ki Tumenggung Batulayang digodog, Ki Ngabéhi Yudakerti digantung ing lawang, sugriyané kang liwat padha ngiris, nunten pejah. Langkung sapunika: Umbul Malangbong, Umbul Cihaur Mananggel, Umbul Medang Sasigar, Umbul Kahuripan, Umbul Sagarahérang sami dipunrujak kentasa.”

Tarjamahanana: Ki Dipati Ukur diteukteuk beuheungna, Ki Demang Saunggatang dibungkus ku injuk terus diduruk, Ki Tumenggung Batulayang digodog. Ki Ngabéhi Yudakerti digantung dina panto gerbang, sarta saban jalma nu ngaliwat ka dinya kudu ngeureut awakna (maksudna, awak anu keur ditibanan hukuman) tepi ka maot. Saleuwihna ti éta, (hukuman pikeun) Umbul Malangbong, Umbul Cihaur Mananggel, Umbul Medang Sasigar, Umbul Kahuripan, Umbul Sagarahérang nyaéta badanna ditutu atawa ditumbuk (dina lisung).

Ampir dina sakabéh naskah disebutkeun, para gegedén Sunda anu mantuan pasukan Mataram dina waktu ngarurug Dipati Ukur, ku Sultan Agung dijungjung lungguh jadi bupati. Samahita jadi bupati di Parakanmuncang (dibéré jujuluk Tumenggung Tanubaya), Astramanggala jadi bupati di Ukur (dibéré jujuluk Tumenggung Wira Angun-angun), jeung Wirawangsa jadi bupati di Sukapura (dibéré jujuluk Tumenggung Wiradadaha).

Tangtu waé sakur anu kajadian harita, tur dicatet dina naskah anu versina rupa-rupa, ku urang teu bisa disawang terus dicindekkeun dumasar kana kacamata jaman ayeuna. Enya, apan jamanna ogé béda. Hanas dina naskah ditétélakeun yén Dipati Ukur téh posisina jadi tokoh antagonis, enya apan éta mah ceuk kacamata abad ka-17.

Bisa jadi robahna pandangan urang Sunda anu mosisikeun Dipati Ukur jadi pahlawan, éta mah geus rada béh dieu. Utamana pisan mah sanggeus terbit novelna anu ditulis dina taun 1950-an, karya Rohendy Sumardinata jeung Supyan Iskandar. Ieu buku anu dua jilid téh diterbitkeun ku Daya Sunda Pusat Bandung.

Gedé kamungkinan deuih, éta novel téh disusunna sanggeus urang Sunda engeuh kana kaayaan dirina sanggeus ngalaman rupa-rupa peristiwa anu lumangsung dina jaman revolusi tepi ka taun 1950-an. Tujuanana pikeun ngahudangkeun sumanget ku cara ngasongkeun informasi ngeunaan tangtungan Ki Sunda. Urang Sunda kudu aya anu kawas Dipati Ukur, ludeung nyoarakeun pamadegan, tur ludeung ngaléngkah. Sok sanajan, heueuh sok sanajan, dina kabuktianana mah geuning henteu (tacan) bisa kompak. Urang Sunda silih rewég téh geuning geus aya ti baheulana.

Naha urang Sunda kiwari, hususna para gegedénna, daék ngeunteung kana peristiwa Dipati Ukur? Wallohu alam.*** (Kilinik Basa)

 

 


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Umur 50 Taun, Paguron Walet Putih Mageuhkeun Tatali Kapungkur

Awéwé di Hijab Geus ti Baheula