Postingan

Menampilkan postingan dengan label MITRA MEDAR

DIPATI UKUR

Gambar
  DIPATI UKUR Ditulis ku: Tatang Sumarsono (Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Unpas)   S ajaba ti Siliwangi, anu mindeng disebut-sebut ku urang Sunda nyaéta Dipati Ukur. Ditarulis jadi carita dina rupa-rupa wangun jeung vérsi. Upamana waé aya anu jadi novel sakumaha nu dipigawé ku Sufyan Iskandar. Ari ku Wahyu Wibisana mah dianggit jadi naskah gending karesmén. Geus karuhan ari anu ditulisna dina wangun anu leuwih pondok mah, kayaning carpon, sajak, carita alit, atawa dangding. Dina naskah heubeul, lalakon Dipati Ukur geus mimiti ditulis ti abad ka-17 kénéh, ilaharna winangun babad. Saterusna aya deui anu ditulis winangun wawacan. Lalakon Dipati Ukur dina naskah heubeul jadi bahan ulikan Edi S. Ekadjati waktu nulis disertasi pikeun ngahontal gelar doktor di UI, taun 1979. Edi nyebutkeun, kabéhna aya 23 naskah, ditulisna dina mangsa jeung di tempat anu béda-béda.  Tina jumlah sakitu téh bisa dipasing-pasing jadi dalapan versi, nyaéta versi Galuh, Sukapura, Sumedang, Bandung...

PEPERENIAN URANG SUNDA

Gambar
   *PEPERENIAN* Ku: Qisantang Jatining RASA RUMASA Ciren manusa nu  diwaris *kajembaran rasa*,   bakal katiten mapaésan kahirupan ku sumiratna cahaya kamulyaan ngadangiang ngubeng dirina. Saliring dumadi bakal apal kana *Titis jeung Tulisna*. T i t i s,  anu  ngajadi wujud  (manusa). T u l i s, anu  ngajadi sipat  (kamanusaan). Hirupna binarung rasa-rumasa jeung ka-Élingan.  Eling kana kadar diri *Dihin jeung Pinasti*.             Dihin : kayakinan Pinasti : papasten ti Gusti Ilahi Robbi anu mastikeun kapastian mutlak. Mibanda *Rasa jeung Rumasa* -Rasa anu katarima, -Rumasa  panarimaan. Hirupna pastina tinemu  kaparigelan keur nanjeurkeun diri, perceka nyungsi tapak jeung lacak geusan lajuninglaku pilalakoneun kahareup. T a p a k :  alam nu geus di sorang, L a c a k :  alam panyungsian  pilalakoneun. Yén diri tetep  nyoreang alam katukang geusan nyawang narawang ka ala...

Mitra Medar : Tutungkusan Urang Sunda

Gambar
Ieu karangan dumasar kana buku babon titilar Abah Sumirta (Dalang Wayang Golék Banjaran) murid Mama Artaja alias Sas-tra (Ciparay). Ari Artaja murid Mas Brajanata, Dalang Lebet jaman Kangjeng Dalem Bintang (R.A.A. Wiranataku-sumah IV). Mas Brajanata ngaguruna ka Ki Anting nu aya dina asuhan Ki Rumiang (Da-lang Sawat), Ki Dipaguna (Da-lang Gubyar) jeung Ki Dipa Guna Permana, anu kabéha-nana ogé jaradi Dalang Lebet di Kabupatén Bandung ti mi-miti Dalem Kaum (R. A. A. Wirakusumah II). Harti Ngaruat 1.  Nurutkeun Kamus Sacadi-brata, ngaruat téh nya éta ngayakeun salametan pikeun nolak balai. 2.  M.A. Salmun ngahartikeun ngaruat kieu: ngaruat téh aya patalina jeung nyawa, cumantél kana paeh-hirupna jalma. 3.  S. Rosana: Ari ngaruat téh kasebut kana salahsahiji tarékah jeung ihtiar nu ka-asup kana "tulak bahta", numbal atawa nyegah kacilakaan.  Cindekna, nu disebut nga-ruat téh, nya éta: hiji upacara adat-nurutkeun tali-paranti karuhun dumasar kana kaper-cayaanana (lain Ag...