Mitra Medar : Tutungkusan Urang Sunda
Ieu karangan dumasar kana buku babon titilar Abah Sumirta (Dalang Wayang Golék Banjaran) murid Mama Artaja alias Sas-tra (Ciparay). Ari Artaja murid Mas Brajanata, Dalang Lebet jaman Kangjeng Dalem Bintang (R.A.A. Wiranataku-sumah IV). Mas Brajanata ngaguruna ka Ki Anting nu aya dina asuhan Ki Rumiang (Da-lang Sawat), Ki Dipaguna (Da-lang Gubyar) jeung Ki Dipa Guna Permana, anu kabéha-nana ogé jaradi Dalang Lebet di Kabupatén Bandung ti mi-miti Dalem Kaum (R. A. A. Wirakusumah II).
Harti Ngaruat
1. Nurutkeun Kamus Sacadi-brata, ngaruat téh nya éta ngayakeun salametan pikeun nolak balai.
2. M.A. Salmun ngahartikeun ngaruat kieu: ngaruat téh aya patalina jeung nyawa, cumantél kana paeh-hirupna jalma.
3. S. Rosana: Ari ngaruat téh kasebut kana salahsahiji tarékah jeung ihtiar nu ka-asup kana "tulak bahta", numbal atawa nyegah kacilakaan.
Cindekna, nu disebut nga-ruat téh, nya éta: hiji upacara adat-nurutkeun tali-paranti karuhun dumasar kana kaper-cayaanana (lain Agama Islam) -pikeun nyegah bahya supaya tinemu jeung karahayuan.
Demi carana aya opat rupa: 1) ku jalan ngawayang 2) ku jalan mantun 3) ku jalan macapat (maca wawacan), jeung 4) ku jalan ngadongéng.
Ari lalakonna "Purwakala", nyaéta lalampahan Batara Kala ngudag-ngudag budak panas.
Nu kudu diruat, di antara-na anu parenting, nya éta:
a. Jalma
1. Untang-anting: budak nunggal, awéwé atawa lalaki.
2. Tunggelis: budak nunggal, awéwé atawa lalaki nu ditinggalkeun maot ku dulur-dulurna.
3. Nanggung bugang: anak tilu; nu panengah, awéwé atawa lalaki anu ditinggal-keun maot ku lan¬ceukna jeung adina.
4. Nyuhun bugang: anak tilu, nu kadua, awéwé atawa la-laki, nu ditinggalkeun maot ku dulurna anu cikal.
5. Ngajingjing bugang: anak tilu, nu kadua, awéwé ata-wa lalaki, anu ditinggal-keun maot ku dulurna anu bungsu.
6. Talaga dihapit pancuran: anak panengah awéwé, sedengkeun lanceuk jeung adina duanana lalaki.
7. Pancuran dihapit talaga: anak panengah lalaki, se-dengkeun lanceuk jeung adina duanana awéwé.
8. Sarimpi: anak opat awéwé wungkul.
9. Saramba: anak opat lalaki wungkul.
10. Pandawi olih-olih: anak lima awéwé wungkul.
11. Pandawa olah-olah: anak lima lalaki wungkul.
12. Sangga kala: anak awéwé atawa lalaki, anu ti barang lahir aya tanda bodas dina awakna.
13. Kala durga: jalma anu indit nyaba salah wanci.
14.Kawalangsung: budak awéwé atawa lalaki anu dijurukeunana ka burusu-tan, boh di leuweung boh di reuma.
15. Budak panas: budak nunggelis (nunggul pin-ang) anu geus henteu sa-nak henteu kadang.
b. Wawangunan
1. Imah, pabrik, kantor jsb. anu sagala weuteuh sarta diadegkeunana dina tanah anyar (lelemahan anyar; bebedahan).
2. Imah, pabrik, kantor jsb., sanajan teu ngaweuteu-han ogé, ari rék diruat mah alus wé nu aya. (Lamun ceuk istilah Agama Islam mah, no. 1 wajib jeung no. 2 sunat hukumna).
c. Lembur atawa Jagat Lianna
1. Tanah/lembur sangar: tanah atawa lembur anu saban diadegan tara aya kamulusan keur nu ngeusian.
2. Tanah/lembur geueuman: tanah atawa lembur lembur anu canéom ku ta-tangkalan. Kaayaanana pikakeueungeun taya pikabetaheun.
3. Tanah/lembur galudra ngu-puk: tanah/lembur anu ha-rarieum pikabetaheun. Ngan sok nyusukeun cai.
4. Tanah/lembur kajepit (cagak gunting): tanah /lembur anu kaseundeu-han ku dedemit. Watekna panyéréwédan, pibahaya-eun, jeung sapapadana.
5. Tanah/lembur kancah nangkub: tanah/lembur anu bulistir tengah-tengah-na rada luhur, bahéna ka opat madhab.
6. Tanah/lembur nadah poé: tanah/lembur anu bahé ngetan, hadé keur tatanén, tapi ari keur lembur mah bangga miarana.
7. Tanah/lembur nonggong kuya: tanah/lembur bahé ngulon, goréng keur tata-nén jeung sok panyéré-wédan.
8. Tanah/lembur bahé ngalér-ngidul: tanah/lembur nu alus keur pilemburan. Ngan paké liliwatan anu garaib.
Sasajén jeung Sarat-sarat Séjénna :
a. Gegecok
Gegecok bangsa lauk nya éta peda atawa teri, bungbu cobék sagala atah, diréndos diwadahan dina limas.
b. Sabangsa Kadaharan
1. Puncak manik, nya éta congcot anu diteundeunan endog hayam.
2. Congcot leutik lobana 7.
3. Tumpeng, eusina rupa-rupa asin.
4. Bakakak, anu jeroanana sarta dihijikeun deui.
5. Rujak warna 7 lobana 7 takir.
6. Bubur-bodas bubur beureum.
7. Kupat-leupeut tangtang angin.
Hanca...

Komentar
Posting Komentar