CARPON BAH UNANG : KANYAAH INDUNG TANWATESNA

 CARPON BAH UNANG : KANYAAH INDUNG TANWATESNA

“Yu urang sasarap heula Cu!" Nina ngajakan Si Entong sasarap sanggeus bérés mantuan budak kelas 2 SD éta maké saragem sakola. Am wé budak téh dahar. Teu pira ukur ceplok endog dikécapan. Luhurna dipuruluk bawang goréng, ditambahan wé ku kurupuk. Tapi Si Entong katara mani ngalimed pisan. Haté Nina ngarakacak mangsa nyawang budak nu keur segut dahar. Manéha iklas rido can kararaban sangu isuk-isuk ieu asal buah haténa seubeuh. Komo hirup sabeulah mah karasa beuratna. Tapi Nina teu aral subaha. Tékad manéhna rék ngagedékeun matapoéna ieu ku kaiklasan nepika sabubukna awak ceuk babasanna pikeun mélaan beubeulahan haténa ieu. 



“Gugah bageur! Apan badé sakola," Nina ngaguyah-guyah Si Entong budak kadeudeuh hiji-hijina. 

"Ahmm, tunduh kénéh atuh Bu, sakedap deui wé atuh," Si Entong némbal bari ngadon reup deui peureum. 

"His ari taeun téh en-tong mah. Énggal bageur gugah! Ibu tos nyayogi-keun cai haneut kanggo ibak. Ceplok endog kang-go sasarap," Omong Nina kalawan sabar. Leungeun-na mah terus mèmérés ka-lengkepan sakola Si En-tong jang bawaaeun poé ieu. 

Najan bari katara sang-heuk, Si Entong hudang ogé. Diuk na risbang. Rucang-riceung bari ngagisikan panon. 

"Énggal kasép geura ka cai!" Nina nitah budakna deui sangkan ka cai bisi kabeurangan. 

Bari rada wegah katarana, Si Entong teu burung hudang ogé. Léos muru jamban. 

Nina terus bébérés simbut, sepré, bantal jeung guguling urut Si Entong saré. Rérés éta laju ngaroris kalengke-pan sakolana. Ti buku nepika kantongna. Ma-lah wadah patlotna gé diburulukeun. Diroris bisi aya nu katinggaleun. Alhamdulilah aya kabéh. Ti pamupus, panyeu-keutan patlot, nepika patlotna gé aya di jerona. Gancang sakabéh eusina diasupkeun deui kana wadah patlotna. 

"Yu urang sasarap heula Cu!" Nina ngaja-kan Si Entong sasarap sanggeus bérés mantuan budak kelas 2 SD éta maké saragem sakola. Am wé budak téh dahar. Teu pira ukur ceplok en-dog dikécapan. Luhurna dipuruluk bawang go-réng, ditambahan wé ku kurupuk. Tapi Si Entong katara mani ngalimed pisan. Haté Nina ngara-kacak mangsa nyawang budak nu keur segut da-har. Manéha iklas rido can kararaban sangu isuk-isuk ieu asal buah haténa seubeuh. Komo hirup sabeulah mah ka-rasa beuratna. Tapi Nina teu aral subaha. Tékad manéhna rék ngagedé-keun matapoéna ieu ku kaiklasan nepika sabu-bukna awak ceuk baba-sanna pikeun mélaan beubeulahan haténa ieu. 

Bérés dahar budak dituyun. Teu poho man-tuan maké sapatuna he-ula. Duaan ngincig ka hareup. Lebah sisi trotoar ngarédés tukang béca mangkal. Clak wé duanana numpak béca. Geus kabiasaan Nina, ti taun ka tukang gé, enya ti barang Si Entong asup SD gé geus tutur dijajap nepika panto kelas. Melangeun kacida Nina mah ku Si Entong téh. 

Teu karasa béca geus nepi ka hareupeun gapura sakola. Nina jeung Si Entong turun tina bèca. Bari sari bungah, Entong leumpang dangah dituyun ku indungna. Srog ka hareupeun kelasna, langsung Entong abus ka kelas. Ku Nina teu ditinggalkeun, ké wé mun bu guru geus asup ka kelas, pamikirna. 

Teu lila gé katara bu guru geus datang. Laju asup ka kelas muka pangajaran poé ieu. Bari carinakdak Nina melong sakedapan budakna nu geus diuk na bangku jero kelas nu saregep ngabandungan bu guru. 

"Sing pinter anaking! Sing bisa ngajait kaayaan kulawarga! Sing gedé mangfaatna pikeun nusa, bangsa jeung agama! Tong kendat mélaan sasama nu ngabutuhkeun pitulung! Mugia nu Maha Kawasa mirido ihtiar anjeun anaking! Ibu mah ukur wasa ngadungakeun," gerentes Nina bari nyusutan tungtung panonna nu ngadadak ngamalir ku cai panon. Cipanon kagagas jeung harepan hiji indung keur beubeulahan haténa nu keur nyiar élmu. 

* * * 

Poé ieu Entong aya ulangan. Bu guru geus nyaram salila ulangan ulah niron, ulah gandéng. Barudak nurut. Ngan orokaya, barang Entong rêk mawa patlot jang nulis tina wadahna bet taya. Antukna manéhna ukur wasa bingung. Nyoba luak-lieuk ka babaturanna maksudna rék nginjeum patlot susuganan babaturanna boga dua, tapi bu guru nu nempo Entong luak-lieuk ka babaturanna langsung ngahuit ku cara ngadekeun rémana kana lambéna tanda nitah répéh. Jep Entong répéh. Teu luak lieuk deui malah. Tapi na haténa mah bingung. Kahayangna mah sahinghingeun ceurik. Tapi ditahan da sieun ku bu guru. 

* * * 

Kocap Nina sanggeus mulang nganteurkeun Si Si Entong nyimpang heula ka pasar pikeun balanja utamana kadaharan karesep Si Entong, sampakeuneun ké dahar balik sakola. Karunya geus capé mikir di sakola, kudu dibagéakeun ku kadaharan karesepna ambéh bungah angkeuhanna téh.

Cipanon Nina ngeclak. Ras inget pangalaman sababaraha poé ka tukang manéhna kudu iklas ngajual kongkorong paméré ti salakina baheula nu ngan ukur lima gram. Kongkorong nu teu weléh ngagantél na beuheungna téh kapaksa dijual pikeun meuli kalengkepan sakola Si Entong ti mimiti sapatu, baju saragem, tug nepika patlotna. Teu nanapn anaking, asal hidep junun, Ibu mah iklas ngorbankeun naon waé gé pikeun hidep, gerentes Nina bari teu karasa panonna mah beueus ku cimata. Gancang disusut. Nu iklas mah tara dibaturan ku ngeclak cimata kasedih, gerentesna. Nu penting urang kudu bisa ngagedékeun Si Entong nepika junun hirupna, kitu tékad Nina harita. 

* * * 

Bari titilep méakeun hanca tadi isuk nu can rapih, ngaléot jeung nilepan baju batur nu nitah mangnyeuseuhkeun ké diburuhan, Nina nyanghunjar na lanté di tengah imah. Bet teu ku hanteu paneuteupna anjog kana barang nu ngagolér na suku méja urut tadi manéhna mérésan kalengkepan sakola Si Entong. Gebeg manéhna ngagebeg sataker kebek. 

"Astagfirullohaladzim, Ya Alloh, patlot. Jadi hartina Si Entong?" 

Teu loba pikir. Cul tilepananeun. Beretek lumpat bari ngagigiwing patlot muru jalan. Kasawang ku manéhna di sakola Si Entong keur bingung malah teu pamohalan ceurik da patlot paragi nulisna tinggaleun di imah. Tayohna mah manéhna tadi keur ngaroris wadah patlot Si Entong, teu sadar patlotna murag teu kaasupkeun deui kana wadahna bakat ku riweuh loba cabakeun. 

"Hampura Ibu, anaking!" Gerentesna bari terus lumpat muru tukang béca nu mangkal hareupeun gang. Maksudna arék jeung kudu gancang-gancang ka sakola deui nganteurkeun patlot jang Si Entong bisi teu bisaeun nulis. 

"Punten Bu, bécana kempés badé dikompa heula," Si Emang béca némbal basa Nina seja naék béca muru sakola. Moal mungkin nungguan tukang béca ngompa ban, lila. Antukna Lia lumpat deui. Maksudna rék naék beus kota waé. Tapi Ya Alloh, geuning beusna mani pinuh kieu. Tapi kétang bisa kénèh nangkél na panto. Baélah tibatan Si Entong teu bisa nulis, kajeun nangkél wé ah, gerentes Nina. Agungna indung, iklas nyorang marabahaya demi nu jadi anakna. Sagara kanyaah nu hamo saat satungtung kumelendang. 

Satengah ngajleng Nina turun tina beus kota. Teu nolih awak capé, tereleng lumpat muru kelas Entong. Kasawang waé na uteukna Si Entong keur hulang-huleng teu bisa nulis da patlotna tinggaleun gara-gara katalédoran manéhna. 

Srog ka hareupeun kelas terus keketrok. Pucunghul Bu Guru kaluar ti kelas. Barabat Nina ngadongéngkeun naon nu kajadian. Bu guru tangka cireumbay ngadanguna. Anjeunna ngaraos kagagas ku perjuangan hiji indung keur budakna. Ku bu guru dibéjakeun yén Si Entong geus dibéré nginjeum patlot anjeunna jang nulis. 

Nina ngarénghap narik napas jero mangsa neuteup Si Entong nu keur husu diajar di jero kelas tina rérégan jandéla kelas ti luareun kelas. 

* * * 

"Sing soléh, sing séhat, sing pinter, sing gedé milikna anaking!" Dunga keur Entong teu weléh kaluar tina biwir Nina sajeroning mépéndé budakna saré peuting ieu. Kanyaah indung tan wates wangen. Moal kataur jasana ku urang sok sanajan ku emas satangtung gunung, najan ku duit sapinuh leuit.*** 

Cafè Galuh, 061121 

(Kainspirasian ku film pondok Mom Pencyl)


Komentar

Postingan populer dari blog ini

DIPATI UKUR