CARPON : JURIG TAMPIAN Ku : Agus Mulyana

 ...malik ka tukang, nempo ka lebah tampian. Ari bréh téh, mungguh matak sawan. Atra tangtungan awéwé pikasieuneun. Baju bodas kucel kawas boéh buruk, buuk ngarumbay nutupan beungeut, leungeun duanana mébér siga bebegig sawah. Kakalayangan gigireun tampian, bari cicirihilan nempo ka kuring.

Keur jongjon nimba minuhan bak, bari hahariringan malah, ari gep téh aya nu nyabak kana punduk. Karasana nyecep, tiis kawas és. Kuring ngagurubug, reuwas! Rét ka tukang. Taya sasaha. Puriding téh muringkak sabulu-bulu. Kakara sadar, geuning di tampian téh geus euweuh batur. Sareupna pisan, maju ka poék. Jaba kaayaan canéom hieum ku kakayon.


Ras, inget kana dongéngna Mang Utis, batur ngojég di pangkalan. Cenah kungsi hiji mangsa sareupna ka tampian. Nyampak aya nu keur mandi. Cindekul wé nungguan, bari ngelepus. Teu sidik saha-sahana mah. Ngan nu pasti awéwé, pédah aya kabaya jeung cindung nu nyampay dina bilik. 

Ngan anéh cenah. Di jero tampian téh bet ricit ku sora anak hayam. Kumaha wé anak hayam kakara megar. Keur uleng mikir kitu, gayabag téh aya nu hiber ti jero tampian kana tangkal caringin, bari seuri cicirihilan. Katempona ku Mang Utis mah siga éntog, ngan ieu mah gedé. Teu wudu manéhna tibuburanjat, lumpat ka lembur teu sirikna notog-notogkeun manéh muru ka imahna.

Ayeuna kaalaman pisan ku kuring. Punduk aya nu nyagap. Muringkak mah geus pasti. Ngan geus kapalang hayang geura brus mandi, kapaksa neger-neger manéh. Ceuk angkanan mah sugan wé sabot kuring mandi, aya tatangga lembur ka tampian. Lumayan méh teu keueung teuing. Mikir kadinya, kuring ucul-ucul. Brus mandi. Seger pisan awak nu cepel ku késang téh asa beresih. Ngan, barang rék ngarongkong wadah sabun, kuring ngaranjug sataker kebek. Aya leungeun pinuh ku bulu, hideung lestreng, nyolodor tina awi pipinding. Teu lila, les ngaleungit. 

Meunang sajongjongan mah kuring ngayekyek. Rék ngagorowok, baham asa rapet. Rék nangtung teu wasa. Komo bari bulucun kieu. Antukna maksakeun nuluykeun hanca mandi bari gura-giru. Keur kitu karérét aya haseup, pelenghir seungit bako. Geus teg, moal salah ceuk haté pasti aya batur nu keur nungguan di luhur. Mikir kadinya rada reugreug haté téh.

Sanggeus réngsé mandi, tuluy sakalian wudu, méh engké di tajug teu kapandeurian teuing solat magrib. Léos ninggalkeun tampian. Geus rada jauh, kakara inget ka nu tadi nungguan di luhur. Panasaran, malik ka tukang, nempo ka lebah tampian. Ari bréh téh, mungguh matak sawan. Atra tangtungan awéwé pikasieuneun. Baju bodas kucel kawas boéh buruk, buuk ngarumbay nutupan beungeut, leungeun duanana mébér siga bebegig sawah. Kakalayangan gigireun tampian, bari cicirihilan nempo ka kuring.

Mun kongang mah ku hayang ngajebéngan, atawa nonggéngan. Ieu mah boro-boro, ku lantaran sieun téa, kuring bingbrit lumpat muru ka lembur.***


Pasirangin, 10/01/2020

Komentar

Postingan populer dari blog ini

DIPATI UKUR

CARPON BAH UNANG : KANYAAH INDUNG TANWATESNA